Jumat, 04 Februari 2011

Eusi Hate Nu Geulis

Aya nu apal ka abdi?  Abdi  teh nu katelah neng Euis tea. Lengkepna Euis Bahenolwati. Asli ti ledeh kehed. Ceuk batur rupa abdi teh cenah geulis. Naha enya kitu? Panasaran, basa hudang saur, can sibeungeut sibeungeut  acan langsung we ngeunteung bari heuay, ih  enya we geuning  geulis.  Cing tebak geulis kawas saha? Mun katebak engke dipasihan nomer hape abdi! Bit ketah, mangga we ketah papantes ku nyalira.

Geulis tur nyari  nu kiwari napel diraray  abdi. Paingan atuh kamari aya aki aki ret deui ret deui ka abdi. Dipelong malik melong, ditoel malik noel, antukna otel, lila lila mah bosen otel jeung aki aki,antukna dampal suku jadi ateul. Teu antapwarah  jekok we ditajongkeun kapalebah mamarasna. Tuman atuh da, ngan saentasna rada ngajenghok jeung semu kaduhung, sihoreng  sedan ferarri anu nga ngajugrug gigireun manehna boga siaki. Mun apal samemehna meureun  moal wuna wani tujang tajong malah sabalikna kaahlian abdi diwidang ruya rayu bade diketrukeun.

Sanes agul ieu mah tapi ngawartosan, sanaos geulis abdi mah tara tegaan. Eta we tos lima jalmi ditampi kalayan kabingahan cintana ku abdi. Balukarna tiap malem minggu pakarangan abdi jadi ledug da dipake galungan kunu apel, lantaran lima limana bantrok datang. Mun tos kitu  abdi mah sok langsung we nyempod dijobong bari anteng ngabalesan sms gebetan anyar. Teu aneh cenah nu geulis mah sok rayungan! Euleuh, tong sambarangan nuduh! Pan tadi ge tos disebatkeun abdi mah tara tegaan.

Dangukeun geura! Mun disebatan  hiji hiji, seueur pisan kauntungan janten nu geulis teh. Salahsawiosna, tara ringrang tara hariwang  pami angkat angkatan kana beus, sanaos beus padedet pisan, sok aya we nu nawisan calik, nya apes apesna dipangkon ku supir beus. Ngan sok hoyong ngajiwir ceulina, pami kaleresan sajok sareng pameget usil, puguh ac beus teh tos tiis,ieu mah der liangna digedean deui, nya kapaksa abdi nyusup kana kelekna da teu kiat ku tiris.

Kitu deui mun bulunja balanja, sanaos nawarna ngajulaeut pisan, ih golosor we dipasihkeun. Sapertos mangkukna, aya tukang gentong nawiskeun gentongna ka abdi, padahal abdi mah heureuy  tuwur tawar soteh, eh dipasihkeun malihan ditambihan salima lima. Antukna jadi ginggiapeun da gaduh gentong dugikeun kagenep siki. Saleresna sanes ginggiapeun ku gentongna ketah, tapi ginggiapeun ku burutna. Sssttt.. tong seueur saur kanu sanes, teu nyangka geuning tukang gentong teh burut. Burut banget! Padahal sakaterang abdi, pan urusan perburutan mah tos dimonopoli ku para koruptor. Ah ieu mah moal lepat, pasti koruptor anu nuju nyamar jadi tukang gentong.

Saleresna teu salamina nu geulis pinanggih sareng kabagjaan, namina oge jalmi sok aya we apesna. Contona sakumaha anu tos disebatkeun ti payun, kungsi otel sareng aki aki, atuh  kantos diuber uber munding beger, anu enggal keneh kantos diudag udag anjing edan. Tah nu rada parna mah, basa abdi nuju ngageboy meri dina trotoar, harita teh nembe pisan hujan girimis. Dak dumadakan suku abdi tijalikeuh lantaran selop anu dianggo tiporos kana lombang urut galian kabel. Balukarna tuur donglak karasa nyeri nyanyautan. Keur anteng ngusapan tuur nu donglak, teu gugur teu angin aya jalma ulungah elengeh nyampeurkeun bari pok ngomong,

“Maz, eh, Mba… Eh, Neng… Inih rambut palsunya jatoh!“

Bakat ku era berebet we abdi lumpat, bari nerelekeun ganjel dada anu pindah deui pindah deui kana bujal. ” Duh kieu geuning nasib nu geuliz kajajaden teh!”

2 komentar:

aya-aya wae mang Ajat mah..
Ngan aya nu kedah di"koreksi".Aya keneh kecap "tiap". Padahal kecap sunda mah "unggal".
Punten ah.

Hatur Nuhun Atas Koreksinya........

Posting Komentar

CARI ARTIKEL DAN TULISAN

Loading

SELAMAT DATANG

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More