Selasa, 01 Februari 2011

Bahasa Sunda – Awas … di aku ku Malaysia

Mang Ajat

Nitenan tina paguneman catur barudak sakola SD jaman kiwari, catetan nu ka angkat tina hasil basa ngobrol ngariung antara guru jeung barudak SD kelas 6. Bahasa sunda anu jarang digunakeun dina obrolan sapopoe, estu malah jadi aneh ceunah kadanguna. Hiji conto ngeunaan “Pelangi” teh naon bahasa sundana, barudak bati olohok teu aya saurang – urang acan anu apaleun naon ari bahasa sunda na tina kecap pelangi. Basa jawaban dibejakeun yen basa sundana “Pelangi” Teh “Katumbiri”, barudak kalahkan seuri bari semu anu aneh kana eta bahasa. 
Ras weh inget ka baheula, basa jaman sakola keneh di SD, guru Teh sok ngayakeun tes basa sunda, dina waktuna balik ti sakola, saha anu bisa ngajawab, budak bisa balik tiheula, cing budak naon ari kembang kadu, Olohok ceuk salah sahiji budak, jig, maneh meunang balik, kitu baheula mah, jalan keur ngaguar ingetan elmu anu geus katarima. Kiwari cara saperti kitu geus teu aya malah bisa oge di bilang punah teu tapak-tapakna acan. 
Secara pribadi kungsi ngembangkeun bari boga niatan ngamumule basa sunda anu jarang digunakeun, make jalan nyieun tulisan anu pajang di Mading (majalah dingding) Sakola, malah tepi ka 24 lembaran mah sagala rupa ngeunaan bahasa sunda ti mimiti pantun, kamus Indonesia-sunda, Sisindiran, jeung sajabana. Buktina anu 24 lembar Teh bari jeung geus dipapaes di hade-hade sangkan “menarik minat pembaca”, dina sabulan, aneh ngan saeutik anu noel, buktina katingal tina kotor jeung kucelna keretas anu dipajang di mading, beda jauh lamun dibandingkeun jeung artikel photo kegiatan sakola anu dipajang di mading, eta mah tepi ka plastik sampulna oge milu soek. Hiji bukti artikel anu samodel photo kegiatan mah langkung diminati katimbang bahasa sunda. 
Jigana, upaya ngembangkeun bahasa sunda di sakola rada kaganjel ku waktu, anu dina kurikulum ngan ukur dibere jumlah jam pelajaran dina saminggu Teh ngan 2 jam pelajaran, bisa disebut kurang, diperlukeun upaya-upaya sejenna keur ngenalkeun bahasa sunda ka barudak SD, bisa kucara sagala rupa, saperti lomba ngarang, lomba sisindiran, jeung dukungan buku-buku pelajaran na, buku dongeng sunda jeung sajabana. 
Hayu urang kembangkeun bahasa sunda, bahasa urang, bahasa indung. Ramekeun, mumule sangkan teu jadi bahasa anu asing di wilayahna sorangan, ulah tiiseun kos kieu, dina waktuna bahasa sunda di aku ku Malaysia, karak ngaburiak, rame. Cag.ah.

0 komentar:

Posting Komentar

CARI ARTIKEL DAN TULISAN

Loading

SELAMAT DATANG

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More