Senin, 07 Maret 2011

Nikmat Hitut Nu Disapirakeun

Mangrupikeun hiji hal anu sifatna gaib, teu katingal mung karasa jeung ka ambeu nanging aya nu kadangu aya oge nu henteu eta nu disebat HITUT. Jadi sifatna hitut teh gaib.
Sumpingna teh kadang-kadang teu di ondang, mung tiasa oge dihaja di kaluarkeun.Mung omat nu kedah dijagi teh pami ngahaja dikaluarkeun kadang kala bukurna ge ngilu kacandak :-) (punten sanes botrox).
Hitut mangrupikeun salah sawios nikmat nu teu kinteun ageungna. Naon margi??mangga emutan..!
Sadinten boh dua dinten teu kasumpingan hitut, anggota badan nusanes nyaeta patuangan ge ngiring teu raraos, ngulibek teu pararuguh. Pun aya oge sababaraha jalmi nu ngantosan hitut saatos dioperasi kitu oge pami lebet angin pami dudurut-dutan hitut teh sok asa ngemplong.
Hitut oge lir ibarat 'lempar batu sembunyi tangan' hartosna nu disadana imbit nu katempuhan isin mah raray, (sok semu beureum rarayna mun kdangu ku jalmi nu teu wanoh).
angot upami hitutna dina angkot, teu kabayang sakumaha asakna eta raray leuheung basa upami teu bau, pami dikersakeun bau..??Pasti panumpang nu sanes hayang seuri mung gegedena ambek kapegung (bari nutupan pangamung).
Ilaharna soanten angseu hitut teh aya sababaraha rupi :
- melepes teu bau
- melepes bari jeung bau
- ngadudurut-dut teu bau tapi putus nyambung jaba panjang
- ngadurut-dut bari kaluar bukurna
masih keneh seueur jenis-jenis hitut numutkeun soanten jeung ambeuna.
Sok sanajan fungsi hitut dianggapna sapira nanging eta nu sakedahna disyukuri/ditafakuran ku urang sadaya.
Pernah teu urang sadaya nyuhunkeun/ngadoa supados hitut lancar...???
Pribados nyalira oge teu pernah kadang kala oge pernah. Mung manghajakalkeun mung ukur PERNAH.
Dupi ari salira kumaha?..?


Kenging ti : http://sudarmononano.blogspot.com/


Kembali Ke Halaman Utama (HOME)

0 komentar:

Posting Komentar

CARI ARTIKEL DAN TULISAN

Loading

SELAMAT DATANG

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More