Senin, 14 Maret 2011

KAULINAN BARUDAK


Mangrupa-rupa kaulinan barudak baheula hususna di tatar sunda, nu kungsi karandapan jeung katungkulan ku diri pribadi baheula keur leutik keneh numana kaulinan nu ieu hususna di lembur pribadi kalolobaanana geus teu kaciri deui dilakonan ku barudak ayeuna, ngan sakumaha nu kauninga ku urang sadayana, dina kaulinan sunda mah, kawilang kumplit malihanan katelah cawokahna, nu matak urang sunda mah teu weleh heureuy jeung heureuy, jeung tara asa-asa, malahan batur heureuy sorangan nepikeun ka leweh/ceurik alatan ku eta pangheureuyan. samodel lagu ngocok sangkang leweh (cok leweh), kareta api buatan jepang, ayang-ayang gung, oray-orayan,,, jeung rea-rea deui. ngan eta kaulinan biasana di hiji wewengkon jeung wewengkon nu lianna sok aya nu beda, boh dina ngamaenkeunana boh dina eusina, ngan ngaranna mah sok sarua.
ieu seratan mangrupakeun bubuka atuh sim kuring pribadi sateuacana neda panghapuntena boh kapayuna bilih aya hiji bahasan perkawis ieu kaulinan anu kawilang cawokah, taya sanes hal eta dimana ku sim kuring dipintonkeun kapayunna, nyatana pikeun nginget-nginget sangkan teu pareum ieu kaulinan teh hususna di tatar sunda. da gening barudak kiwari mah pangulinannana teh teu jauh jeung anu modern, malahan geus teu aheng deui maranehna sapopoena ulinna di hareupeun monitor atawa tipi, samodel game online, ps, lalajo VCD atawa DVD, jeung rea-rea deui,,,
Harita pernah kadatangan ku budak SMP Kelas 3, meunang tugas ti guruna, kudu nyebutkeun tur kudu bisa nyaritakeun kaulinan barudak kudu aya 15 rupa contona,  puguh haying seuri dina eusina teh : Playstation, Nintendo, jeung sajabana kaulinan budak jaman ayeuna, nu baheula mah geus kapopohokeun, ……
Mangrupa-rupa kaulinan barudak baheula hususna di wewengkon sunda, nu kungsi karandapan jeung katungkulan ku diri pribade baheula keur leutik keneh numana kaulinan nu ieu hususna di lembur pribadi kalolobaanana geus teu kaciri deui dilakonan ku barudak ayeuna, diantarana :


1.      Gatrik

2.      Sorodot Gaplok

3.      Kastik

4.      Ucing beling

5.      Ucing Jidar

6.      Ucing Juru

7.      Ucing Sumput

8.      Ucing Boy / Boy-boyan

9.      Ucing Dua Lima ( 25 )

10.  Ucing Toktar

11.  Ucing Juru

12.  Oray-orayan

13.  Dam-daman

14.  Dodombaan

15.  Beberesan

16.  Nininjaan (make sarung)

17.  Endog-endogan

18.  Galah

19.  Gatrik

20.  Maen langlayangan

21.  Moro Langlayangan

22.  Ngadu Bandring

23.  Ngadu Kenteng

24.  Ngadu Jangkrik

25.  Ngadu Kaleci

26.  Ngadu Hayam / Hahayaman (Hahayamanna make jempol)

27.  Ngadu Karet

28.  Ngadu gambar

29.  Ngala Simeut ( Biasana keur usum pare geus dibuat)

30.  Ngurek (biasana keur usum pare karek tandur)

31.  Ngadamar

32.  Encrak (biasa dilakonan ku barudak awewe)

33.  Sapintrong (biasa dilakonan ku barudak awewe)

34.  Anyang-anyangan (biasa dilakonan ku barudak awewe)

35.  Congklak

36.  Pacici-cici putri … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)

37.  Hansip-Hansip Penjaga … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)

38.  Perepet jengkol (aya tuluyanana, bari dilagukeun)

39.  Punten, mangga … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)

40.  Bang-bang kalima-lima gobang … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)

41.  Tong mali-liyatong … (aya tuluyanana, bari dilagukeun)

42.  Nyieun Momobilan ( tina awi / cangkang jeruk bali )

43.  Nyieun Momotoran ( tina awi )

44.  Nyieun Bebedilan (tina awi / taneuh lio ) biasa osok dipake peperangan

45.  Nyieun Kakapalan, jejelemaan, babangkongan, kopeah jeung nu liana deui. ( tina keretas)

46.  Nyieun Paparahuan (tina keretas / cangkang jeruk bali)

47.  Nyieun Rupa-rupa bentuk tina karet nu di teundeun dina ramo

cag heula !


Kembali Ke Halaman Utama (HOME)

3 komentar:

emmmh.......pileuleuyan....kaulinan urang baheula...jiganamah hampir punah tinggal kenangan.....pileuleuyan pileuleuyan...kamana budaya urang...emmm kiwari tinggal waasna....

ANDA MAU KAYA DENGAN AKUN FACEBOOK MODAL 20 RIBU HASIL bisa nyampe jutaan LEBIH SEBULAN?
Atau anda mau, AKUN FACEBOOK ANDA MENGALIRKAN JUTAAN RUPIAH SETIAP HARINYA KE REKENING BANK ANDA ??
Terobosan Paling Mutachir Saat Ini, Anda Dapat Menghasilkan Uang Hanya Dengan Modal Facebook
Mau?Info Lengkap buka & klik disini aja kawan

Posting Komentar

CARI ARTIKEL DAN TULISAN

Loading

SELAMAT DATANG

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More