Minggu, 21 Februari 2010

POLUSI JANGJI- Unek-unek

Lima taun sakali Karawang polusi ku jangji. Jangjina rupa-rupa. Aya nu teu pikahartieun. Aya nu matak hayang seuri. Aya nu pikasebelun. Aya nu teu asup akal. Aya nu jangji malah jadi visi tur misi, rek nurunkeun harga sembako baru jeung teu disebutkeun kumaha carana. Memangna manehna teh rajana tukang dagang sembako? Nu ngagogoreng batur wae aya. Nu api-api jadi jelema soleh oge aya. Pokona, kabeh usaha satekah polah sangkan loba nu kapincut pikeun milih manehna. 


Urang memang bangsa nu loba pohoan. Poho kana nedunan jangji, poho kana nagih jangji. Nu bareto jangji rek itu rek ieu, ngarasa aman dan santai, sabab tara aya nu nagih ieuh. Nu matak, rek ngobral jangji mah der der bae jangji sataker kebek ngaburubut jiga sora jibrut kelek. Upamana jangji mun kapilih, unggal jelema rek dibagi duit sapuluh juta sewang. Dijamin moal aya nu nagih. Pan bangsa urang mah bangsa pohoan. Nya ieu pisan nu sering dimangpaatkeun ku jelem-jelema nu resep ngumbar jangji sangeunahna sangkan dipilih, bari jeung nu kitu Teh ukur cari sensasi, 



Bulan-bulan kahareup mangsana milih Bupati urang. Sanajan sok rada heran sabab calon bupati teh behna mah leuwih garinding ti nu diwakilanana. Tapi dalah kitu kanyataanana. Boh kitu boh kieu, mun niat rek milih, nya tinggal milih. Ngan kahade, tina sakitu calon (bakal calon) Bupati teh, lolobana mah teu dipiwanoh ku sakabeh atawa lima puluh persen rahayat karawang. Boh jalmina, komo prestasina keur Karawang, Najan apal oge tibang meunang beja ti euceuk ka euceuk, ti baligo anu leutik tepi ka gede doang, urang ngan bisa apal bari ngucap, oh ieu calon bupati teh meureun, kadituna titik weh…

Dulur…… baraya, …. Sobat,….. Ulah kagelo ku jangji-jangji aramis waktu kampanye. Sing asak-asak nya tinimbangan, bari ngadu'a ka Gusti Nu Maha Suci sangkan ulah salah pilih. Nangtukeun pilihan mah cukup ku waktu nu kurang ti lima menit, tapi akibatna lima taun……
Bismillah.


Catatan FB

0 komentar:

Posting Komentar

CARI ARTIKEL DAN TULISAN

Loading

SELAMAT DATANG

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More