Minggu, 10 September 2006

Sosonoan - ONO IDA ICAN

Opat poe katukang kang Panzi gura-giru kadokter cenah teu raraos body.
Sabada dipariksa, dokter nyimpulkeun yen kang Panzi teh loba teuing sosonoan jeung pamajikanana tur euweuh watesanana. Si dokter nyarankeun leuwih alus mun nek sosonoan kudu make jadwal nu matuh, saminggu cukup tilu kali
" Kumaha dok carana ngarah bisa nginget jadwalna??" Tanya kang Panzi
" Saena mah cirian we dinten naon wae anu awalanna tina huruf 'S' contona Senen, Salasa jeung Saptu," jawab dokter.
Nincak poe kaopat kang Panzi teu kuat nahan, kapaksa ngalanggar saran dokter terus ngahudangkeun garwana nu keur sare,kulisik pamajikanana hudang bari satengah lulungu pok pamajikanana nanya
Malem naon ieu teh kang?"
" Malem SUM'AT.Sssttt!!" tembal kang Panzi bari nyenghel


Catetan :
ONO IDA ICAN teh bahasa Jepang anu hartina Sonoooo Kacida Pisan


----- Aya ….. Aya ….. Wae ….. -----


0 komentar:

Posting Komentar

CARI ARTIKEL DAN TULISAN

Loading

SELAMAT DATANG

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More