Rabu, 09 Agustus 2006

Dongéng Sireum

Waktos sasatoan diciptakeun, sadaya sasatoan teh teu acan dipasihan alat kelamin (naon nya Sundana? Punten sanes bade porno mung sakedar dongeng). Hususna sato jalu, ari bikang mah da gampil ngadamelna. Tah kumargi kitu dina hiji waktu sadaya sato jalu teh dikumpulkeun di tungtung lapang. Kabeh sato jalu baris mani rapih aya gajah, maung, hayam jeung rea, rea deui, oge sireum milu baris.

“Dengekeun ku sakabeh sato jalu, di tungtung lapang ieu Kami geus nyiptakeun sagala bentuk alat kelamin pikeun sato jalu. Tah, ku kituna kabeh sato jalu kudu paheula-heula nyokot eta barang pikeun dipake. Maraneh (siga jelema wae nya) bebas milih. Rek nu gede, nu sedeng, atawa nu leutik.”

"Siaaaaaaap……. Hiji……….. Duaaaaaaaaaaaaaa…………………. Tiluuuuuuuuuuuuuu!!!!!!!!!” Atuh berebet kabeh sato teh lalumpatan ka tungtung lapang nu hijina pikeun nyokot barang anu geus disiapkeun.

Kuda mah pan lumpatna tarik datang pangheulana ceug we nyokot nu gede (dugi ka ayeuna pan kudamah gede). Kitu deui jeung sato nu lain paheula-heula. Ari sireum keur mah leutik katurg-turug lumpatna ge hese, atuh datang teh pang pandeurina.

Barang datang ka tungtung lapang sireum culang-cileung neangan barang. Kuralang-kuriling ditempoan. Geus lila sireum kukurilingan bari jeung teumanggih barang.

“Kamana barang kuring?” ceuk sireum.

“Kunaon, Reum?” ceuk hiji sora.

“Kuring teu manggihan barangna, mana barang kuring?” tembal sireum.

“Hampura sireum geuning barang teh kurang hiji, ku kituna engke bakal dipangnyieunkeun. Ayeuna mah mending maneh balik?” tembal sora tea. Sireum balik bari jeung teu mawa hasil.

Salila nungguan sireum sok mindeng tatanya ka baturna lamun panggih. Kieu cenah nanyana teh,

"Geus meunang acan?” ceuk sireum nu hiji.

“Acan...” tembal nu séjén.

Tah, baraya sadaya. Jadi nu matak sireum sok siga nu sasalaman lamun paamprok jeung baturna na teh lain keur sasalaman. Maranehna pada-pada nanyakeun geus dibere acan barangna.

----- Aya ….. Aya ….. Wae ….. -----

0 komentar:

Posting Komentar

CARI ARTIKEL DAN TULISAN

Loading

SELAMAT DATANG

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More