Ari reumbey reumbeuy reumbeuy Bandung ngareumbeuy dina jambangan ari heureuy heureuy heureuy Bandung heureuy ge jeung kasopanan.
Ari lilin lilin Bandung, geus hurung sok peok deui, ari ulin ulin Bandung geus embung sok hayang deui.
Kapan abdi gaduh suweng, kunaon teu dipongpokan, kapan abdi keur baluweng kunaon teu dilongokan…
Melak bawang di tanjakan, sok sieun kembangna beureum, melang dumeh paanggang, sok sieun kagembang deungeun.
Kembang eros jeung jalaprang, cantigi reujeung malati, sanaos langka patepang, pamugi ulah rek lali.
Supa mayang saboboko, saparo dikaparakeun, hayang mah tibareto, ngan acan kalaksanakeun.
Kapiting katojo bulan, kokosan bantun tilamping, sapeuting asa sabulan, ngantosan panutan anu sumping.
Pongporang di luhur gunung, saung di handapeunana, abdi melang kanu pundung, kumaha mah nenganana.
Hayang iuh make payung, kumaha mukakeunana, hayang wawuh jeung nu pundung, kumaha nyukakeunana…
Cau ambon dikorangan kanyéré ka pipir-pipir Lalaki ambon sorangan awéwé teu mikir-mikir
Cukleuk leuweung cukleuk lamping jauh ka sintung kalapa Lieuk deungeun lieuk lain jauh ka indung ka bapa
Deungkleung déngdék deungkleung déngdék buah kopi raranggeuyan Ingkeun ieu anu déwék ulah pati diheureuyan
Jeruk lemo jeruk butun diteundeun di ruyuk kaso Tilam sono ka nu ngantun sampeureun isuk pagéto
Kapinis ulah disumpit tangkal muncang ngarangrangan Ieu nulis badé pamit duakeun ti kaanggangan
Kaso pondok kaso panjang kaso ngaroyom ka jalan Sono mondok sono nganjang sono patepang di jalan
Lampuyang nu cocongoan bawaeun ka Rajagaluh Ku hayang nya sosonoan isuk mah urang pajauh
Majar manéh nganyam samak neukteukan bari motongan Majar manéh néang anak ngadeukeutan popotongan
Meuncit meri dina rakit boboko wadah bakatul Lain nyeri ku panyakit kabogoh direbut batur
Ngalantung mulungan tanjung bari metik nagasari baringung pikir mangpaung ati ceurik jeung rarisi
Ngimpi ngajul kembang tanjung ngimpi ngala nagasari Ngimpi tepung jeung nu jangkung tara-tara ti sasari
Pileuleuyan daun pulus kararas daun katimpang Pileuleuyan ulah tulus masing ras ka nu di tukang
Reundeu beureum reundeu hideung reundeu kayas solempangan Beuki heubeul beuki nineung beuki lawas kaédanan
Samping hideung dina bilik kumaha nuhurkeunana Abdi nineung ka nu balik kumaha nuturkeunana Talingtung talina benang mobil beureum diguratan Satungtung teu acan beunang moal eureun disuratan | Aya listrik di masigit caangna ka pabrik Kina Aya istri jangkung alit éndahna kabina-bina
Baju hideung kancing tangan dikaput ku mérang awi Nu hideung matak teu nangan sing émut ka diri abdi
Baju soéh tatambalan kaput gedé jarumatna Daék sotéh ngawulaan lamun hadé rumawatna
Baju tablo dibulao kembangna katuncar mawur Ari bogoh ti baréto terang-terang geus ku batur
Batu turun keusik naék kalapa tonggoheunana Itu purun ieu daék sarua bogoheunana
Béak daun béak randu unggal poé dibikeunan Béak taun béak windu moal weleh dileukeunan
Boboko ragrag ti imah ninggang kana pileuiteun Nya bogoh ulah ka semah ari balik sok leungiteun
Bubuy bulan sangray béntang panonpoé disasaté unggal bulan abdi téang unggal poé ogé hade
Carulang dipahpal kuda héjo deui héjo deui Rék mulang samar kaduga nénjo deui nénjo deui
És lilin buatan Bandung dicandak ka Cipaganti abdi isin bararingung sok inggis henteu ngajadi
Itikurih Béntang Sinar maén di lapang Cicéndo Nyeri peurih kunu anyar matak henteu hayang nénjo
Itu saha nungtun munding digantélan saputangan Itu saha ginding teuing singhoréng geuning jungjunan
Kamana ngaitkeun kincir ka kalér katojo bulan Kamana ngaitkeun pikir moal palér ku sabulan
Karinding palapah kawung ditiup ku nu paranti Nu ginding ulah mangpaung sing émut ka diri abdi
Kembang goyang jeung érmawar pacampur jeung kacapiring Hariwang réa kakelar tagiwur teu genah cicing
Leuleupeutan leuleuweungan ngarah kékéjoanana Deudeukeutan reureujeungan ngarah téténjoanana
Ngala antanan ka jami cau emas tengah huma Kahayang ulah rék lami geura unjukan ka Ama
Ngaput baju kurang benang gantian ku kantéh baé Mun panuju geura téang kuring mah rék daék baé
Pileuleuyan cangkang béas huut sajeroning kéjo Pileuleuyan urang ikhlas imut sajeroning nénjo
Pucuk tiwu akar bangban amis mata disusukan Mun rék milu geuwat dangdan cimata geura susutan
Rayagung tanggal sapuluh kasungka reujeung maléla Abdi burung mun teu tulus kasuka da ti baheula
Rincik-rincik hujan leutik paralak hujan tambaga Nilik-nilik mojang leutik teu terang aya nu boga
Saninten buah saninten dibantun ka parapatan Hapunten abdi hapunten tangtos seueur kalepatan Sayang kaak diarengan diasupkeun kana peti Hayang angkat sasarengan bati gegetun nya ati
|
Lain bangban lain pacing
lain kananga aduna
Lain babad lain tanding
lain ka dinya kuduna Lamun urang ka Cikolé
moal hésé tumpak kahar
Lamun urang boga gawé
moal hésé barangdahar Lamun urang ninun kantéh
ulah resep maké poléng
Lamun urang leutik kénéh
ulah resep ngomong goréng Meunggeus diangir ku Jeungjing
geura ganti ku Kihiang
Meunggeus pelesir ti peuting
geura ganti ku sambéang | Mihapé sisir jeung minyak
kadé kaancloman leungeun
Mihapé pikir jeung niat
kadé kaangsonan deungeun Mun engké mesék kalapa
pasti butuh ku cipati
Mun hadé ka indung bapa
pasti diasih ku Gusti Masing asak-asak ngéjo
bisi tutung tambagana
Masing asak-asak nénjo
bisi kaduhung jagana Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun urat
Sing getol néangan élmu
nu guna dunya ahérat |
Abong-abong abdi bonténg
seubeuh diacar diangeun
Abong-abong abdi goréng
seubeuh disangsara deungeun Batur mah dibaju hideung
kuring mah kabaya baé
Batur mah dipikatineung
kuring mah sangsara baé Daék sotéh ka Cinangka
ka Cisitu mah teu purun
Daék sotéh ka manéhna
ka nu itu mah teu purun Hayang teuing buah hiris
teu bisa ngasakanana
Hayang teuing ka nu geulis
teu bisa ngakalanana Ka mana nya nyiar payung
sakieu panas poéna
Ka mana nya nyiar duyung
sakieu panas haténa | Mun teu tulus ka paseukna
ka pacirna ogé hadé
Mun teu tulus ka lanceukna
ka adina ogé hadé Sapanjang jalan Soréang
moal weléh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
moal weléh diakalan Sugan téh kukupu hideung
singhoréng sirama-rama
Sugan téh kukuh mitineung
singhoréng kamana-mana Tibatan jalan gang buntu
mending gé ka Baros baé
Tibatan abdi dipalsu
mending gé teu cios baé
Salawe dua puluh lima Mobil Sedan Cetna Hejo Awewe jaman ayeuna Bisa dandan teu bisa ngejo |
Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpun jéngkol
Aya rangda gogoakan
katinggang ku hulu kohkol Ka mana nya nyiar kulit
hayang seubeuh sesewiran
Ka mana nya nyiar duit
kayang seubeuh pelesiran Rarasaan melak cau
teu nyaho mun melak jahé
Rarasaan matak lucu
teu nyaho mun matak réhé | Rarasaan ngala mayang
teu nyaho cangkeuteuk leuweung
Rarasaan konéng umyang
teu nyaho cakeutreuk hideung Majar manéh cengkéh konéng
kulit peuteuy dina nyiru
Majar manéh lengkéh konéng
kulit beuteung mani nambru Sok hayang nyaba ka Bandung
sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
sok hayang nyaho nyentakna |
Caang bulan opat belas
teu kaduga ku poékna
Aya bujang baju bodas
teu kaduga ku korétna Cai mulang cai malik
cai ngocor ka astana
Panon burial buncelik
da kadempét étanana Cau naon cau naon
cau kulutuk di juru
Bau naon bau naon
bau nu hitut di juru Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok Cikur jangkung jahé konéng
lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung konéng
puguh mah bureuteu hideung Daun jarak dibeungkeutan
dibawa ka jalan gedé
Anu harak ngadeukeutan
hayangeun dibawa hadé Écét écét oét oét
ngaronda ngarurek belut
Kapélét kuring kapélét
ku randa nu gedé hitut És lilin ku amis tiis
leuwih ngeunah ti és télér
Abdi isin ku nu geulis
dikiceupan jol ngagolér Ka Bandung tuluy ka Bogor
di Cianjur meuli bonténg
Kasiksa boga kabogoh
sungutna bau spiténg Ti Lélés ka Kadungora
jalana mani molongpong
Baheula nini téh ngora
ayeuna mah enggeus ompong | Ki Hiang nu meunang nuar
disugu pikeun jualeun
Kahayang meunang nu beunghar
puguh mah jalma kuuleun Lima kirang tilu dua
nu ngitung tos bener deui
Waos tilu punglak dua
kantunna tos ungger deui Manuk gaak macok kupat
kecok deui kecok deui
Diwedak reujeung disipat
dekok deui dekok deui Meuleum manggu tengah poé
dicokélan kayu api
Malem minggu ninggang sué
diapélan aki-aki Meuli topi meuli koper
selop rumput dibungkusan
Nyai koki ngaku pinter
ngesop buntuk ditungguan Pa Suma gawéna dahar
mun bedug bakal ditéwak
Percuma dibéré beunghar
mun budug saawak-awak Pipiti di bunga wari
kaso panjang diteukteukan
Resep ka randa kiwari
sono nganjang deudeukeutan Pipiti dibunga wari
téténong dibobokoan
Lalaki jaman kiwari
hadé omong pangoloan Poé Saptu poé Kemis
salasa heuleut-heuleutan
Saha itu muril kumis
leumpangna eundeuk-eundeukan Sada ketuk sada kenong
sada suling eujeung goong
Huntuna nyénghol katémbong
lamun ngomong bau jigong Turub cupu buli-buli
dipaké wadah hangasa
Daék sukur teu paduli
kami gé da moal maksa |